Svoboda | Graniru | BBC Russia | Golosameriki | Facebook
Lompat ke isi

Apartemén

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Ilustrasi pikeun apartemén.

Apartemén mangrupa serepan tina basa Inggris apartement anu hartina nyaéta salah sahiji jenis wangunan imah anu ngahiji sakenténg, sabangunan, jeung satémbok[1]. Eusina aya kamar, kamar mandi, dapur, jeung sajabana[1]. Ciri has tina wangunan apartemén nyaéta miboga jumlah lanté sababaraha tingkatan anu loba jeung luhur[1]. Fasilitas séjénna aya kolam renang, tempat paranti olah raga, tempat dagang, jeung sajabana[1]. Istilah apartemén mimiti aya di Amérika Serikat[1]. Sedengkeun di nagara Inggris, istilah apartemén leuwih populér ku istilah flat[1].

Sajarah[édit | édit sumber]

Apartemén popular di New York di abad ka-19[2]. Harita aya program imigrasi anu ngalantarankeun jumlah manusa di New York ngalobaan dua kali lipet[2]. Wangunan imah anu biasa dieusian ku hiji kulawarga, kiwari eusina jadi sababaraha kulawarga[2]. Harita, apartemén mangrupa wangunan anu kumuh atawa teu layak huni, sarta dihususkeun pikeun masarakat anu kaayaan ékonomina kurang mampuh[2].

Di Skotlandia, dina abad ka 19-20 masarakat gotong royong pikeun ngawangun apartemén di jero tembok kota pikeun kaamanan[2], lantaran harita keur riweuh ku révolusi industri[2]. Kiwari, gedong-gedong anu harita diwangun masih kénéh weweg[2]. Harga jualna ngaronjat, lantaran wangunanana lega jeung luhur anu mantak nyieun kataji pikeun meuli éta apartemén[2].

Di Australia, apartemén mekar di taun 1885. Jumlah penduduk di kota Queensland geus padet, anu ngalantarankeun pamaréntah kota méré solusi pikeun nyadiakeun gedong apartemén[2]. Kiwari, di Australia apartemén lain wungkul pikeun imah keur masarakat anu ékonomina handap, tapi pikeun kabutuhan masarakat[2].

Di Indonésia, apartemén mimiti diwangun di Ratu Plaza taun 1974[2]. Totalna aya 54 unit apartemén. Lokasina aya di jalan Jenderal Sudirman Jakarta Kidul, anu mangrupa puseur ékonomi di jaman harita[2]. Jumlah penduduk anu ngaronjat, loba pengusaha anu mulai ngawangun jeung ngajual hunian hususna di Jakarta[2].

Jenis[édit | édit sumber]

Aya sababaraha jenis apartemén di antarana:

  • Apartemén tipe studio, nyaéta apartemén leutik anu miboga hiji rohangan, konsépna open plan[3]. Hartina, sakabéh fungsi imah ngahiji di rohangan anu sarua[3]. Tujuanana sangkan leuwih basajan jeung éfisién[3]. Hargana leuwih murah dibandingkeun jeung jenis séjén[3]. Ngaran tipe apartemén studi, biasana disebut studio flat[3].
  • Apartemén 1 BR[3]. Harti tina 1 BR nyaéta, 1 bedroom atawa hiji kamar[3]. Maksudna, ieu tipe apartemén miboga 1 kamar saré, 1 rohangan tengah, 1 dapur, jeung 1 kamar mandi[3]. Legana kurang leuwih 25 méter pasagi[3].
  • Apartemén tipe studio Alcove[3], miboga konsép utama anu sarua jeung tipe studi nyaéta basajan[3]. Ciri hasna nyaéta partisi anu diwangun ngabentuk huruf L di rohangan tengahna[3]. Tujuanana sangkan nyiptakeun suasana anu lega di jero rohangan[3].
  • Apartemén loft, miboga wangun lalangit anu lega[3]. Ciri hasna loba wangunan tipe loft anu ngahaja teu maké lapisan finishing[3], tujuanana sangkan nyiptakeun suasana anu alami[3].
  • Apartemén Garden, miboga aksés langsung ka bagéan teras anu alami[3]. Sifatna pribadi, ayana di lanté dasar gedong apartemén[3].
  • Apartemén duplex, mangrupa dua unit imah anu ngahiji satémbok[3]. Lian ti étam ieu tipe konsépna babagi teras ku babarengan[3].

Kaonjoyan[édit | édit sumber]

Aya sababaraha kaonjoyan nalika cicing di apartemén, di antarana:

  • Leuwih aman[4]. Salah sahiji fasilitas anu disadiakeun di apartemén nyaéta rasa aman, lantaran unggal unit dilengkepan ku CCTV anu aktif 24 jam[4]. Sakabéh kagiatan di lingkungan apartemén ka pantau[4], ka asup tamu saha waé anu datang. Lian ti éta, unggal apartemén miboga patugas husus pikeun ngajaga kaamanan lingkungan apartemén[4].
  • Fasilitas leuwih lengkep[4]. Lian ti ka manan, apartemén ogé sok nyadiakeun fasilitas anu agréng, di antarana aya kolam renang, tempat parkir, laundry, tempat olah raga, jeung sajabana[4].
  • Hargana leuwih murah dibandingkeun jeung imah[4]. Konsép meuli apartemén nyaéta ngan ukur meuli wangunan hungkul, teu kudu meuli taneuhna[4].
  • Wangunanana leuwih basajan[4].

Daftar Référénsi[édit | édit sumber]

  1. a b c d e f "99.co - Pengertian Apartemen, Karakteristik, Fungsi & Tips Terbaru". www.99.co (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2021-04-30. 
  2. a b c d e f g h i j k l m "Sejarah Kondominium Apartemen di Jakarta, Indonésia - Azalea Suites". Azalea Suite Cikarang (dalam en-US). Diakses tanggal 2021-04-30. 
  3. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t "Yuk, Ketahui 14 Tipe Apartemen yang Umum Ditemui! | Rumah123.com". www.rumah123.com. Diakses tanggal 2021-04-30. 
  4. a b c d e f g h i JawaPos.com. "8 Kelebihan Tinggal di Apartemen Dibanding Rumah, Apa Saja?". JawaPos.com (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2021-04-30.