Svoboda | Graniru | BBC Russia | Golosameriki | Facebook
Lompat ke isi

Ban

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
ban

Ban nyaéta karét beunang ngokolakeun di pabrik anu napel dina sakuriling gilinding, aya ban sapédah, ban mobil, ban délman, jeung réa-réa deui[1]. Ban pikeun kandaraan mangrupa komponén anu pangpentingna ku sabab dina luhureun ban éta kandaraan bisa maju[2].Ban anu hadé miboga mangpaat pikeun nyieun rasa ngeunaheun nu maké mobil ogé kasalametanana[2]. Lamun ban aya dina kaayaan anu kurang hadé dina nyumponan fungsina, bisa ngabalukarkeun goréng kana kasalametan panumpang jeung supir anu aya dina éta kandaraan[2]. Kondisi ban anu aya dina kaayaan goréng ngabahayakeun ka pamaké kandaraan[2]. Misalna ban anu teu rata bisa ngabalukarkeun kandaraan jadi teu bisa diatur ku supir atawa lamun mobil bisa méngkol sorangan sanajan geus nincak erém[2]. Ban anu miboga fungsi hadé patali jeung sistem kemudi ogé peredam kejutatawa shockbreaker[2]. Lian ti jadi nu nahan ban dina as nyaéta ball joint jeung leher, sarta tekanan angin dina ban[2].

Rupa-Rupa Ban[édit | édit sumber]

Ban biasa dibagi jadi tilu rupa nyaéta:[2].
1. Ban pikeun jalan standard[2].
2. Ban pikeun jalan nu pinuh ku leutak[2].
3. Ban pikeun jalan lempeng[2].

Kode Ban[édit | édit sumber]

Dimensi ban biasana ditulis :[2].
205 / 55 /ZR16 [2].
Kateranganana nyaéta:[2].
205:Legana telapak ban (mm)[2].
55:aspek ratio pikeun ukuran kandelna ban (%) tina legana telapak ban [2].
ZR:kode limit kecepatan[2].
16:diameter velg ( inch )[2].
Kode kecepatan:[2].
S<180 km/jam[2].
T<190 km/jam[2].
H<210 km/jam[2].
V<240 km/jam[2].
Z>240 km/jam[2].

Referensi[édit | édit sumber]

  1. Danadibrata,R.A.2006.Kamus Basa Sunda.Bandung:Kiblat Kaca 58
  2. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w x Ban Archived 2010-04-20 di Wayback Machine(diakses 16 November 2011)