Svoboda | Graniru | BBC Russia | Golosameriki | Facebook
Lompat ke isi

Bon Jovi

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Bon Jovi, 14 Nopémber 2007

Bon Jovi nyaéta grup musik rock asal New Jersey, Amerika Serikat anu miboga personil, Jon Bon Jovi (vokal/gitar), Richie Sambora (gitar), Tico Torres (drum), David Bryan (keyboard) jeung Hugh McDonald (bass)[1]. Ngaran Bon Jovi soarangan dicokot ti ngaran tukang vokalisna, Jon Bon Jovi (Jon Bongiovi)[2]. Awalna Jon sok ngabéakkeun mangsa ngorana di studio rekaman kagungan dulurna[2]. Jon nyieun demo anu judulna runaway, ieu lagu jadi jawara di radio-radio lokal di New Jersey[2]. Terus Jon jeung Bryan ngabentuk Bon Jovi anu didukung ku Dave Sabo dina gitar, Alec John dina bass jeung Tico Torres dina drum[2]. Bon Jovi nyieun kontrak jeung Polygram/Mercury dina taun 1983[2].

Karir[édit | édit sumber]

Album pertama Bon Jovi dingaranan Bon Jovi anu dirilis taun 1984, diteruskeun ku album 7800° Fahrenheit (1985), Slippery When Wet (1986), New Jersey (1988), Living in Sin (1989), Keep the Faith (1992), These Day (1995), jeung Crush (2000)[2]. Taun 2002, Bon Jovi ngarilis album Bounce anu meunangkeun Gold di Amérika, Australia, jeung Inggris[1]. Album Have a Nice Day (2005) jeung Lost Highway (2007) meunangkeun platinum di Amérika, Kanada, Jerman, Swiss, jeung Jepang[1].

Bon Jovi meunang panglélér dina acara Grammy taun 2007 dina kategori Best Country Collaboration pikeun lagu Who Says You Can't Go Home[1]. Saacanna dina taun 2000, Bon Jovi asup nominasi Grammy ngaliwatan lagu It's My Life[1]. Bon Jovi geus ngajual kurang leuwih 35 juta albumna di Amérika jeung 120 juta albumna saalam Dunya ti saprak diadegkeun dina taun 1984[1].

Référénsi[édit | édit sumber]

  1. a b c d e f Profil Bon Jovi (diaksés tanggal 24 Nopémber 2011)
  2. a b c d e f (en)Biografi Bon Jovi-starpulse.com Archived 2011-11-12 di Wayback Machine (diaksés tanggal 24 Nopémber 2011)