Svoboda | Graniru | BBC Russia | Golosameriki | Facebook
Lompat ke isi

Bromin

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
(dialihkeun ti Brom)
Brom

Brom (disebut ogé Bromin) nyaéta hiji unsur kimia dina tabél périodik anu miboga lambang Br jeung nomor atom 35.[1] Dina suhu ruangan brom wujudna cairan beureum kacoklatan.[2] Dina bentuk gas, brom warnana sarua (beureum kacoklatan) ari bauna ofensif sarta nyesekkeun mirip bau klorin.[2] Brom mangrupa hiji-hijina unsur non-logam anu bentukna cair dina suhu ruangan sarta gampang nguap dina suhu sarta tekanan standar.[2] Brom kurang aktif dibandingkeun jeung klorin sarta fluorin mah tapi leuwih aktif tinimbang yodium.[2] Brom larut dina palarut organik jeung cai.[rujukan?] Brom mangrupa élemen alami ani bisa kapanggih dina loba bahan anorganik.[2] Tapi, manusa ngasupkeun brom organik ka lingkungan liwat mangrupa-rupa aktivitas.[2] Brom balukar tina aktivitas manusa anu teu kajadian sacara alami poténsial pisan nyumebabkeun karuksakan daria kana kasehatan manusa sarta lingkungan.[2] Dina batuan kerak marcapada, brom alami wujudna minangka uyah bromida.[2] Uyah brom kaakumulasi dina ci laut (85 ppm), nu mana brom biasana diékstrak.[2] Produksi dunya brom diperkirakeun ngaleuwihan 300.000 ton per taun, ku tilu nagara produsen utama nyaéta Amérika Sarikat, Israél, jeung Inggris.[2]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. "Tabel Periodik (Indonesian Periodic Table)". PTable. Diakses tanggal 3/12/2016. 
  2. a b c d e f g h i j "Brom (Br): Fakta, Sifat, Kegunaan & Efek Kesehatannya". Amazine. Diakses tanggal 3/13/2016.  Archived 2016-08-05 di Wayback Machine