Svoboda | Graniru | BBC Russia | Golosameriki | Facebook
Lompat ke isi

Wikipedia:Kuncén

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Takulan:
Logo "Kuncén".

Kuncén (pituinna mah administrator atawa sysop-system operator). Anjeun tiasa ngajukeun paménta dina ieu kaca pikeun hal-hal nu ngan bisa dipigawé ku kuncén.

Kuncén (Daptar otomatis)
Birokrat
Pamariksa
Paneueul
Kuncén antarpeunteu
Panatalayan
Pamundut ka kuncén
KawijakanSistem pamundutan
Pamundut jadi kuncén (arsip)
Paménta nyabut status (arsip)
Tanggung jawab
Kuncén sanés
Tetekon parabot kuncén
Naséhat pikeun kuncén anyar
Pamundut perhatosan kuncén

Mun anjeun hayang ngahapus hiji kaca, béjakeun na kaca Wikipédia:Usulan pamupusan.

Kuncén wenang migawé sababaraha hal nu teu bisa dipigawé ku pamaké séjén. Hal ieu ditujukeun pikeun alesan kinerja (mun kabéh pamaké bisa, ramatloka ieu bakal laun pisan jalanna). Ogé pikeun alesan kaamanan (hartina kuncén mah geus kapercaya). Mun anjeun hayang jadi kuncén, tepikeun baé di dieu.

Sing saha baé nu geus ngeusian ramatloka ieu diwenangkeun jadi kuncén, teu aya masalah.

Kuncén teu mibanda kawenangan husus, sarua baé jeung nu séjén.

Nu bisa dipigawé ku kuncén, nyaéta,

  • ngahapus kaca
  • ngonci eusi kaca
  • muka konci eusi kaca
  • ngédit kaca nu dikonci
  • meungpeuk pamaké nu ngaruksak loka.

Kaca-kaca penting pikeun kuncén

Daptar kuncén

Pék langsung baé buka kaca Daptar kuncén.

Isu jeung pamundut kiwari

Pamaké bisa ménta ka kuncén di dieu pikeun ngajaga kaca. Pamundut mangga serat dina Wikipedia:Pamundut perhatosan kuncén.

Sadaya kuncén kudu ngawaskeun bagian ieu pikeun isu-isu nu mémang sakuduna kuncén awas, sarta pikeun wawar ngeunaan parobahan kawijakan nu mangaruhan kuncén.

Tempo ogé

Statistik